JANGJI



Purnama, bentang baranang, halimun bodas, sarupaning manuk peuting, angin nu ngahiliwir jeung keclak ibun  peupeus dina teuteupna, peupeus dina renghapna, peupeus dina lamunanna. Sarupaning kaendahan peupeus lir ibarat eunteung peuting nu di baledog kanyeri, belingna babalatak dina ubin subuh.

Eweuh deui nu disawang Neng Yanti, mojang 21 taun nu geulis kawanti-wanti. Salian ti jangji-jangji kuring anu kungsi dikedalkeun mangtaun-taun ka tukang. Sumpah kuring yen bakal nepungan manehna, sumpah kuring yen bakal nyulam kabagjaan babarengan, yen rek ngahurung-hurungkeun ancor katresna anu geus lila pareum. Sumpah kuring yen rek ngaduruk dapuran simpe anu ngancik dina hate menahna. Eweuh deui nu anti-anti ku manehna salian ti kadatangan kuring.

30 Juni, dina tanggal eta pisan. Neng Yanti boga hareupan patepung jeung kuring. Ngan dina tanggal eta, kalakay-kalakay jeung dangdaunan anu geus garing bisa hejo deui. Ngan saukur dina tanggal eta manehna boga lolongkrang waktu keur narima jangji-jangji kuring. 30 Juni, isukan pisan eta poe. Harepan anu geus ngagugunung moal lila bakal bitu, ngaluarkeun lahar katresna jeung kadeudeuh..
Sarupaning pakean warna hideung geus disiapkeun Neng Yanti di kamarna. Tiung hideung digantungkeun dina kapstok panto, gamis hideung di gantungkeun deukeut jam dingding anu geus nunjukeun jam 12 peuting. Oge sarupaning aksesoris geus disiapkeun dina meja, aya geulang, jam tangan, kongkoyang, sapu tangan, kacamata, poto-poto manehna, jeung surat-surat cinta ti kuring baheula.


Lalaunan Neng Yanti nutupkeun jandela kamarna, angin peuting kacegat ku wening kaca. Manehna ngagubragkeun awakna kana kasur busa anu di tutupan ku sepre warna beureum. Karasa pisan capena, karasa pisa eungapna, nungguan nyerelekna waktu. Neng Yanti peureum tibra dikeukeupan simbut harepan, dikeukeupan kalangkang kuring jeung dikeukeupan haneut katresna.

***


Jam salapan isuk-isuk, Neng Yanti geus dangdan bebeakan hareupeun eunteung anu pigurana tinu kai jati. Manehna neuteup jero kalangkang sorangan, ti kuhur nepi ka handap ditaliti bener-bener. Kasieunan aya nu kurang tina diri manehna. Sieun kurang geulis, sieun kurang imut, sieun kurang seungit. Manehna sautuhna hayang aya dina kasampurnaan sangkan bisa ngabagjakeun kuring upama engke bisa petepung.

Jam tangan, kongkoyang, kacamata geus di pake, poto-poto jeung surat-surat geus di kantongan dina tas anu motipna kembang-kembang. Teu aya nu tinggaleun. Neng Yanti yakin pisan kana jangji kuring, sok sanajan aya saeutik rasa bingbang dina hatena. Teu bingbang kumaha, geus 4 taun kuring jalir wae tina jangji eta. Manehna ngaherep pisan taun ieu jangji etateh bakal ngajadi.

Langit poe eta ceudeum, panon poe melengpeum cigah patromak beakeun minyak. Angin ngahiliwir ngusapan dangdaunan anu kacida garingna, lantaran halodo panjang. Neng Yanti ge bingung, naha ari kamari-kamari panon poe tembong moncorong, ari ayeuna bet teu nembongan. Sanajan ceudeum jeung angkeub, teu meupeuskeun niat manehna. Neng Yanti tetep rek datang ka tempat biasana urang jangjian. Lengkahna pinuh ku harepan, renghapna pinuh ku harepan, reretna ge pinuh ku harepan.

Manehna mapay jalan satapak, ka lebah kukon imahna. Teu pati bulak belok, ngan loba pudunan jeung tanjakan. Aya cahaya anu hurung tina panon manehna, leuwih caang tibatan panon poe anu medem. Manehna terus ngalengkah nepi ka jalan gede anu biasa dipake liliwatan mobil jeung motor. Cing belesat ngaguarkeun kebul anu kacida lobana. Manehna nutupan irung mancungna ku sapu tangan.

Di sisi jalan eta aya kios anu nagajualan sarupaing kembang. Aya malati, anggrek, kembang kertas, dahlia, sedap malam jeung sajabana. Neng Yanti nayampeurkeun kios eta, manehna meuli saiket kembang malati bodas. Cigahnamah eta kembang bakal dijadikeun hadiah keur kuring. Neng Yanti apal pisan kana rupa-rupa karesep kuring.

Sabada meuli kembang, manehna nuluykeun lengkah. Kios kembang jeung tempat anu dituju teh teu pati jauh. Beuki degdegan we jantung manehna teh. Sarupaning rasa, ngulibek dina hatena. Aya rasa bagja yen rek papangging jeung kuirng, aya oge rasa kasieun, sieun kuring jalir deui.
Ampir tengah poe manehna tepi di eta patempatan. Neng Yanti ngelap kesang anu maseuhan beungetna ku saputangan. Dihareupeun manehna aya gapura anu geus heubeul pisan, pinuh ku lukut, dina hareupna aya ukiran make aksara sunda buhun. Gapura ana teu kaurus pagah katinggalnamah, eta gepura teh neundeun nilai sajarah. Neng Yanti kudu ngaliwatan Gapura eta samemeh tepi ka patempatan anu dituju.

Karasa pisan simpena di jero petempatan etateh. Rada tiis lantaran masih keneh pinuh ku tatangkalan dege. Anu dauna masih keneh leubeut sanajan aya anu geus ngarangrangan. Manehna luak lieuk, ret ka kulon ret ka wetan teu aya sasaha. Ret ka kidul ret ka kaler kitu keneh, cigah nu taya kahirupan. Kakeueung nyeleceup kana hatena, nyampur jeung kabingbangan. Ayeuna atra pisan kasieunan manehna teh.

Neng yanti ngelengkah deui lalaunan, beuki ka tengah. Manehna eureun dina hiji patempatan anu mangrupa wangunan 2x1 meter di lapis keramik. Didinya manehna reureuh. Sarupaning babawaan di tendeun didinya, kembang malati, poto-poto jeung surat-surat cinta kuring. Manehna ngahuleng cigah nu linglung. Keclak cipanon teu katahan, kacida raheutna, kacida nyeurina, manehna ceurik di eta tempat.
“ Jungjunan, anjeun jalir deui, ieu tos taun ka 5 anjeun tamelar ka abdi. Abdi tos teu kiat nandangan lara jeung tunggara anu teu aya tungtungna. Jungjunan abdi pasrah, moal ngaharepkeun deui jangji anjeun. “ gerentes hatena.
Teu kungsi lila cipanon manehna geus maseuhan pusara anu atra aya ukiran ngaran kuring Galih bin Mahfudz. Neng Yanti ceurik bari ngusapan eta pusara. Seungit kembang malati ngilu nyaksian. Dangdaunan beuki ngarangrangan, langit beuki ceudeum ngilu peurih.
Teu kungsi lila. Neng Yanti cengkat deui. Bari ngusapan cipanon ku saputangan. Dadana cigah nu eungap. Renghapna jero bari lalaunan. Manehna ngalengkah deui ninggalkeun eta patempatan. Kuring sadar yen jalir deui kana jangji.

Neng yanti tepi ka handapeun gapura tadi, rada ngahuleng. Kanyeuri bener-bener nyelecep kana hatena. Kuring anu dipiharep geus nyata moal datang. Kuring ngan saukur lamunan anu ngalangkang, tawaf dina karaton hatena. Neng yanti masih keneh matung, panona ngembeng, hatena kasura ku hinis mangsa, cigah nu teu percaya kana gurat takdir.
Cipanon langit miripis ka bumi. Sanajan rada leuleus, manehna ngalengkah deui. Lamunan masih keneh manteng teu pegat-pegat. Kadenge aya hawar-hawar sora sirine. Beuki deukeut beuki deukeut beuki deukeut. Sora anu paling dipikasieun ku manehna beuki ngadeukeutan
“ Gusti, simabdi jalma anu teu aya daya, kabagjaan, kasusah, kasieun, simabdi uihkeun sadayana ja Anjeun…” manehna ngucap.
Awakna jol ngacleng kahareup, ngalayang terus ngagubrag kana trotoar. Geutih ngucur, awakna ancur, kacida ancur. Mobil ambulan nabrak manehna.
Na mangsa harita pisan, kuring ngaharewos kana ceulina. Ngutaraleun sababaraha kecap.
“ Neng Yanti hatur nuhun, anjeun tos satia ka akang. Saikeut Jangji parantos urang lakonan. Di makam anu simpe ieu. Akang cinta ka anjeun. Didieu urang patepung ayeuna. Dina hiliwir angin, di iring ku sora sirine, sora anu paling di pikasieun ku anjeun.”
















CIWIDEY 30 06 09
RIAN IBAYANA

4 komentar: