DUA PULUH TUJUH (CARPON)




Jam dinding luhureun panto kamar, baris nunjukeun jam hiji peuting. Angin ngahiliwir asup ngaliwatan pentilasi jandela. Ngulibek di sajeroning rohang nu legana ngan saukur 4x4 meter pasagi. Angin muter kaditu-kadieu, sagala diragap, lomari pekean, meja komputer tur ngaragap hiji mojang anu tibra na luhur risbang nu diseprean corak batik. Neng Yanti, mahasisiwi hiji kampus nu kahot di Bandung. Jadwal kuliah jeung gawe nu kerep, maksa Neng Yanti ngaluarkeun tanaga katut pikiran dina ngalakonannana. Peuting harita manehna tibra diayun ambing di alam impenan.

"Toet toet tot toet toet"

Kadenge sora hape meupeuskeun kasimpe, meupeuskeun sagara impian nu keur dikojayan ku neng Yanti. Manehna ngararampa meja komputer, neangan hape, gura giru diangkat sanajan teu ditinggali heula saha nu nelepon. Da puguh karasa tunduh pisan, panon hese dibeuntakeun. Yanti apal pisan saha nu nelepon peuting harita. Sobat deukeutna.


" Yanti, kuring moal loba basa-basi, moal loba intermezo. Pokonamah peuting ieu anjeun kudu ngubur katunduh, neuleumkeun kalungse. Wayahna peuting ieu pisan anjeun kudu daek ngabandungan naon nu rek dikedalkeun ku kuring. Anjeun sobat kuring nu pangbageurna, demi sobat anjeun ieu, anjeun kudu cenghar nya Yanti? Ok Yanti?" Ceuk sora dina hape, rada maksa.

" Nya, naha aya naon atuh ceu, peuting-peuting kieu nelepon, kawas nu eweuh poe isuk wae." Yanti ngajawab bari rada leuleus.

" Pokonamah, anjeun ulah peureum peuting ieu mah. Kudu bergadang maturan kuring. Wayahna ti, kudu daek ngupingkeun curhatan kuring, demi kuring ti, demi sobat anjeun" Pokna deui rada tegas.

" Nya, kuring rek satia ngabandungan carita anjeun, tapi awas ulah nyaritakeun nu heubeul- heubeul. Kuring geus bosen ngabandunganana ge. " Ceuk Yanti leuleus.

" Lain ieu mah ti, beda tinu kamari-kamari. Ieu mah carita kahirupan kuring pangjerona, can kungsi dikedalkeun ka sasaha. Ngan kuring jeung Gusti nu apal na oge. Kuayana kitu, bandungan cing tenget nya ti? " Pok deui ceuk nu dina telepon.

"Nya, tapi naon? rek curhat naon? sok atuh kuring tunduh pisan yeuh...!" tembal Yanti.

"Nuhun Yanti, Nepi ka kiwari ngan saukur anjeun nu satia ngabandungan carita kahirupan kuring, ngan saukur anjeun nu kuat ngabandungan biwir kuring nu bawel ieu. Hampura nya ti, salila ieu kuring ngarepotkeun anjeun wae..?"

" nya..." tembal Yanti rada ngambek.

" Yanti, peuting ieu ninggang pisan dua puluh tujuh bulan, manehna ninggalkeun kuring. Nya manehna, nu kungsi ngeusian hapana hate kuring. Manehna kungsi jadi tugu anu nyongcolang dina lemah kahirupan kuring. Manehna anu ditakdirkeun kakalayangan dina pikiran kuring. Yanti, ayeuna geus dua saparapat taun manehna ninggalkeun kuring. Anjeun masih ngabandungan keneh ti...? " Ceuk sora na telepon.

"Nya..." waler yanti.

" Yanti, anjeun sobat kuring pangsatiana. Anjeun tangtu apal, yen cipanaon kuring geus saat, lantaran bedah ku perkara ieu. Bedah sabab inget wae peurihna, sedihna, tunggarana, raheutna ditinggalkeun ku manehna. Yanti, anjeun ge apal, sabada kuring ditinggalkeun, kuring asa dibui di panjara nu teu aya tungtungna. Kuring cigah nu sasab di hiji leuweung, dina hiji pangumbaraan. Saestunamah, kuring teh geus putus harepan. Mung, ku ayana anjeun nu ngarojong, kuring meunang harepan deui. Hatur nuhun Yanti." Ceuk sora na telepon beuki leuleus.

"Nya..." waler yanti.

"Manehna ninggalkeun kuring, na mangsa kuring rek ngabebenah jalan hirup. Mangsa kuring rek ngalengkah dina jalan nu leuwih hade, jalan anu lempeng. Mangsa kuring rek ngaberesan rohang hate nu ampir rugrug ditubruk ku paradaban anyar. Duh Gusti, manehna leuwih tiheula ninggalkeun kuring.  Tilar dunya. Kuring asa sorangan ti..." Ceuk sora na telepon rada sedih.

"Nya...." waler yanti.

" Dua puluh tujuh, nya dina umur dua puluh tujuh pisan, manehna ningalkeun kuring. Ngora pisan pan. Yanti, kuring ngarasa sieun kana angka dua puluh tujuh teh, troma pisan. Kuring asa simpe lamun nginget-nginget angka dua puluh tujuh teh.  Kuring raheut, sedih , tunggara ti... bantuan kuring" Pokna deui.

"Nya..." Waler Yanti

"Yanti, sobat kuring pangbageurna sa alam dunya. Ngan saukur anjeun nu apal kana panyakit nu ngagorogotan awak manehna. Nepi ka manehna teu ngeungapan deui. Anjeun oge apal sagala rupa geus dikorbankeun, boh jiwa, harta jeung raga. Ngan kuring teu walakaya ngalawan takdir, yen kuring kudu pipisahan. "

"Sabada manehna tilar dunya, lalaunan kuring diajar ngaduruk sarupaning jalan nu geus ngajurumuskeun jungjunan kuring kana jungkrang pangpoekna. Sarupaning jarum suntik, alat seueup, ganja, sabu-sabu jeung sajabana.  Nuhun pisan Yanti, anjeun geus ngarojong kuring ngalawan barang haram eta. Anjeun geus ngabingbing, ngawuruk ngupahan ngarah mental kuring ajeg deui. Nuhun pisan ti, anjeun can peureum...." Pokna deui.

"Nya kuring ngabandungan keneh" ceuk yanti rada ambeuk.



"Yanti, kuring rek jujur ka anjeun, perkara anu dipikasieun nu matak ngageterkeun awak kuring beurang jeung peuting. Saetunamah, panyakit manehna oge geus ngagorogotan awak kuring ti. Dina sel-sel geutih kuring geus kacampuran virus-virus nu dina mangsana bakal nganteurkeun kuring kana jungkrang nu sarupa." Pokna deui rada ngageter.

"Yanti, anjeun tong reuwas, ieu jalan hirup kuring, nasib nu moal bisa dipungkir. Kuring sieun pisan ti, embung ayeuna. Chairil anwar tilar dunya dina umur 27 taun, Soe Hok Gie oge kitu, katut jungjunan kuring tilar dunya dina umur nu sarua, dua puluh tujuh. Yanti kuring sieun, kuring sieun. Hampura nya ti, kuring geus ngaganggu istirahat anjeun, ngubek-ngubek sagara impenan anjeun. Manehna ninggalkeun kuring dina umur 27 taun. peuting ieu ninggang 27 bulan manehna tilar dunya. Peuting ieu kuring milangkala anu ka 27 oge ti. Angka anu dipikisaieun, Yanti, kuring sieun pisan, awak asa tiis kieu ti, tulungan kuring ti, tulungan kuring, tulungan kuring, tulungan..." geter sora na telepon ngadadak ngalaunan.

Jep, sora nu dina hape ngadadak simpe, teu aya deui nu ngocoblak.Yanti jol ngorejat, leungeuna ngageter bari nyepeng hape nu geus taya soraan.

" Neng...! Neng....! Neng...! anjeun aya keneh neng.... neng anjeun kamana....? anjeun kamana....? Yanti reuwas teu puguh.

Angin peuting ngahiliwir, hawar-hawar aya sora siit incuing meupeuskeun kasimpe.






OKTOBER 2007

4 komentar: